PARABEL SUNDA
NU DENGKI NGAMESI PATI
Jaman baheula aja hiji nagara
ngaranna Bahbir Rangkawi. Nu jumeneng rajana kamasur Suraspati. Bahbir Rangkawi
nagara aman, tengtrem teu kurang naon-naon.
Sanajan kitu kangaranan di nagara nu
ra’yatna jutaan, aya wae masalah mah. Ngan ku toweksana pingpinan nagara sagala
masalah bisa direngsekeun.
Dina hiji poe kurunyung ka karaton
aya aki-aki takrak-tokroh nyorendang gembolan. Ku gulang-guling diparios. Aki-aki
ngawaler cenah hoyong nepangan raja. Saparantos diwartoskeun, raja kersaeun
nampi.
“rek naon aki the nepungan kaula?”
raja naros.
“Aki the ti kampong Angsana Nunggal
name aki Kihuru Banen.dongkap kadieu hoyong pendak sareng Kanjeng Raja
Suraspati, bade ngical dongeng. Dupi dongengna pondok tapi pangaosna awis. Nu
sanes raja mah moal gaduheun artos kanggo meserna, sareng manehna mah moal
peryogieun. Kitu numawi aki langsung nepangan kanjeng Raja ge!”
“Naha asa aneh teuing donegn make
dijual sagala?”
“Ah teu aneh da batur oge seueur
anus ok ngical dongeng!”
“Ke Ki dongengna pondok, hargana
mahal! Kitu Ki?”
“Sumuhun” tembal aki.
“Pondok sakumaha?”
“Mung opat kecap!”
“Bener we pondok. Ari hargana?”
“Opat yuta pasmat!” jawab Kihuru
Banen.
“Sanajan kaula raja loba duit, tapi
lain duit sorangan. Nu nagara. Teu wani meuli dongeng mahal-mahal teuing kitu
mah!” saur raja. “Kajaba lamun hargana murah!” saur raja deui.
“Pangaosna mah teu kirang deui kedah
sakitu,” jawab aki bari siga nu rek ngaleos.
Barang aki rek permisi, raja
panasaran palay ngadangu dongengna. “Cing kumaha atuh dongengna the atuh Ki?”
“Kedah aartos heula ti payun, engke
dongengna ti pengker,” jawab aki. Raja gogodeg aneh ku aki-aki. Bari ngomong
kitu si Aki teu katembong jalema butuh, estu sahinasna we. Ku sabab raja beuki
panasaran tungtungna wantuneun. Bro harita keneh artos nu opat yuta pasmat di
tambrukan hareupeun si aki.
“Kieu!” ceuk si aki. “Ku aki ngan
bade disanggeumkeun sakali!”
Raja ngadengdekkeun cepilna da bilih
teu kadangu.
“Nyaring. Hudang, turun indit!” ceuk
si aki. Geus kitu manehna indit bari ngagembol duit.
Sanggeus ngadangu nu diomongkeun ku
Kihuru Banen Kaanjeng Raja Suraspati olohok nua aya, komo waktu ningali si aki
ngaleos mah. Saenya na galihan Kanjeng Raja asa katipu, sabab dongeng anu
sakitu mahalna the saukur kecap-kecap nu teu aneh. Sanajan kitu Kanjeng Raja
teu bisa kumaha-kuamah ada sagala rupa geus nurutkeun perjangjian.
Wengina Kanjeng Raja kulem sakumaha
biasana. Kira-kira tabuh dua peuting anjeuna lilir. Barang lilir ras kana
omongan si Aki cenah nyaring, hudang, turun, indit. Saur Kanjeng Raja dina
galihanana nyaring mah aing enggeus, nagn tinggal tilu deui hudang,turrun jeung
indit. Gugu kitu omongan aki-aki teh! Saentos dipikir bulak-balik teh anjeunna
ngagalih deui, tinggal hiji deui omongan ti si Aki the nu teu acan dipigawe
nyaeta indit.
Ceuk galihan raja, indit ka mana di
luar sakitu tiiseunana! Sanajan kitu anjeuna kuralang-kuriling angkat ka caket
gudang. Ari panganggo anjeuna harita biasa we kawas pakean rayat sapopoe.
Barang nepi ka deukeut panto gudang, ti jero aya nu ngagerowok ka anjeuna, “ieu
tampanan euy! Siamah genah-genah lain bantuan aing!”
Ngadangu nu ngomong kitu saenyana
Kanjeng Raja reuwaseun, margi teu sangka di gudang wayah kitu aya jelema. Najan
kitu teu nembongkeun. Gancang anjeuna nampanan anu diasongkeun ku jelema anu
aya dijero. Sihoreng jelema-jelema eta the bangsat anu keur ngakutan duit jeung
peti-petina. Geus kitu mah raja babarengan jeung bangsat ngakutan peti ka imah
pamingpin nu ngarana Jaimun. Puguh we Kanjeng Raja pepeyekan ngagotong peti nu
sakitu beuratna da teu biasa tea.
Tadina mah jol galihan Kanjeng Raja
bade nyauran gulang-gulang. Ngan diemut deui bisi bangsat ambeukeun mungkin
nepi ka ngadek. Jeung lamun digareuwahkeun moal
kacarek kabeh kaburu kalabur.
Saeunggeus beres ngakutan duit
gancang raja mah salinap-salinap deui mulih ka karaton. Enjingna
bangsat-bangsat anu jumlahna tujuhan disaur deui ka karaton, kitu deui
pamingpina Jamiun. Waktu dipariksa kabehanana mulungkir teu ngaku maling. Tapi
saeungges imah-immahna digaradahan kapnggih barang buktina, karek bangsat the
ngaraku.
Harita kabeh bangsat sumpah moal
deui-deui ngalakukeun pagewean kitu. Ku Kanjeng Raja dihampura, ku sabab kitu
bangsat-bangsat aratoheun, malah muji pisan kana kawijaksanaan Kanjeng Raja, nu
cenah bageur moal aya tandinganana.
Ti harita bangsat-bangsat nu geus
bageur the larsup ka karaton. Malah Jamiun mah jadi nyobat jeung patih Kanjeng
Raja.
Kabeneran dina hiji poe Jamiun ngedenge kapalay patih. Cenah geus
lila kumawula di nagara BahbirRangkawi, moal naek pangkat, satungtung raja Suraspati jumeneng keneh. Ceuk Jamiun,
“Babari ari kitu mah! Rajan we urang baruang! Ngan upami patih satuju serta
perjuanganana hasil, ulah poho” jelema anu tujuhan kudu diangkat jadi ponggowa
karaton. Gancang patih satuju, harita keneh Patih nagrencanakeun rek hajat,
dadakuna mah rek nagwinkeun putrana. Padahaal tujuan nu sabenerna supaya dina
hajat engke aya kasmepetan ngabaruang raja.
Kacarioskeun enjingna breg hajat walimah putra Patih. Wengina
eutrak nu keur marasak. Dumandakan Kanjeng Raja Suraspati wengi eta tina
kulemna liliur. Tos kitu mah gugah terus lungsur ti karaton. Dumadakan deui
anjeunna palay ka bumi Patih, atuh teras harita angkat.
Di perjalanan wengi eta anjeunna inget ka Kihuru Banen nu geus
ngajual dongen ka anjeunna. Galihan raja teu mubadir oge najan hargana mahal
oge, gening mun teu ku dongeng si aki mah duit karajan bakal ledis, padahal
jumlahna aya kana lima ratus kalieun harga dongeng. Ceuk galihan raja, geura
ayeuna ge bakal aya maslah. Nya klu kitu anjeunna angkat nyalira bari
panganggona basajan pisan.
Barang sumping ka bumi patih leres weh seueur jeema anu marasak.
Anjeuna enggal nyamur niron-niron tukang masak teras lebet ka dapur. Di dinya
kasampak Jamiun jeung batur-baturna. Sadayana nu araya didinya teu nyarangkaeun
harita kasumpingan raja.
Jamiun ngomong ka babaturan na lalaunan, “ kadenya dahareun anu
meunang nagbaruang ualah dihijikeun. Engke teundeunna diditu tuh! Kapan eta mah
keur raja ari keur urang jeung Patih mah didinya!” Jamiun ngomongna bari nunjuk
kana hiji meja.
Barang raja ngadangu omongan Jamiun kitu kacida reuwaseunana. Ceuk
galihanana, moal salah si Jamiun ngahiji jeun si Patih rek nagbaruang ka aing!
Harita raja emuten deui ka Kihuru Banen nu saenyana geus ngemutan yen hidup
kudu ati-ati.
Waktu nyimpen tuangeun keur tamu isuk, nu ngaturna tukang masak
anyar tea, nu taya lian kanjeng Raja. Nu dibaruangan di teundeun belah dieu, nu
isukna bakal disanghareupan ku Patih jeung Jamiun, ari nu tetu dibaruangan mah
belah ditu, hancengan raja. Sanggeus beres dipasang Jamiun nanya, “hey tukang
masak anyar! Teu salah neundeun the? “
“heunteu!” waleer tukang masak anyar eta.
“sukur! Jig ba;ik geus peuting”
Kacaritakeun isukna sabada walimah, tamu-tamu taruang. Teu
kacaritakeun geunjlengna nu kagungan hajat maot teu puguh, kakocapkeun meh
Kanjeng Raja diwartosan ku prameswarina cenah dikamarna aya artos opat yuta
pasmat. Ari ditingali ku raja teu samar deui eta artos the nu di pasrahkeun ka
Kihuru Banen.
Comments
Post a Comment